Langsung ke konten utama

Postingan

Carita Abdurahman jeung Abdurahim - RH Muhamad Musa

1 Ieu carita gedé gawéna, lamun ku jalma hadé tampana, jeung dipetakeun kana dirina, supaya mangké hadé jadina. 2 Lamun geus kolot pinasti mukti, rajin jeung pinter hanteu sumakti, dina carita ieu geus bukti, anu daékan jeung nu sumakti. 3 Umar Sanusi jieun tuladan, murangkalihna teu barébédan, hanteu percaya ka guru édan, temen jeung wekel sarta cucudan. 4 Ahirna jadi sudagar mulya, mantaran ka raja nu mulya-mulya, lulus lampahna prabot sadia, salamet tina sagala baya. Rea-Boekoe, 2022 | 14,5 x 21 cm | 64 hal. | Softcover | Beli di  Tokopedia  dan  Shopee
Postingan terbaru

Wawacan Gagak Lumayung - Babad Godog - MO Suratman

Istijradna kang tekanan, Karaton téh salin rupi, jadi leu­weung jujumplukan, kitu deui pra Bopati, diteunggeul ku La­goni, sadayana jadi maung, buntut panjang tinggarebay ting galaur matak gimir, anu tutul anu loréng warna-warna. Dupi nu jadi Rajana, Ratu Batulayang Aji, harita sadaya bu­dal, kebat ka Sancang darugi, sadaya teras cicing, nya éta di Sancang matuh, malah mah gentos jenengan, Ratu Patek Salin­warni, rayat Sancang kawit Ménak Pajajaran. Éta ti wangkid harita, tug dumugi ka kiwari, janten maung kajadian, kajajadén tina jalmi, dugi ka seuweu-siwi, tuluy tu­mu­luy tumurun, Pajajaran ilang musna, tilem kasilih ku junti, anu kantun wawangina nu sumebar. R ea-Boekoe, 2022 | 14,5 x 21 cm | 56 hal | Softcover | Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada

Wawacan Surya Mana - SH Kartapradja

Tapi mungguh anu sabar, tur wekel rajin gumati, kana sanis­kara lampah, kanugrahan téh kapanggih, gan­jaran Mahasuci, Pangéran nu maha agung, buktina Radén Surya, raos ngahe­nang-ngahening, nyakrawati ing Wa­ringin datu­laya. Caturkeun deui rakana, Perebu Anom Gianti, sapran­tosna Radén Putra, lungguh jumeneng Narpati, lajeng pa­mitan mu­lih, pangiringna henteu kantun, ka Gianti maru­lang, kocap­keun parantos sumping, Kangjeng Raja jeung sadaya pangi­ringna. Di Gianti Datulaya, tetep jumeneng narpati, diaping ku mer­tu­ana, nya éta Radén Sodaris, anu beresih ati, suhud sumujud ka ratu, ginanjar ti Pangéran, anu sipat rahman-rahim, awal-ahir pinanggih jeung kabungahan. Rea-Boekoe, 2022 | 14,5 x 21 cm | 96 hal | Softcover | Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada

Wawacan Bangbang Ciptamaya-Rahmaya - I Supatmaja

Sanggeus Abimanyu nyingkah, Semar énggal nyaketan nu keur nganti, nyieun pasemon nu seru, isarah jeung nyarita yén geus lubar kapeurih anu ti payun, ku pamundut pangampura, nu tétéla salah tadi. Ngan sangkan ulah katohyan, urang jurit lir nu maén ka­medi, sarta hanteu panjang catur, harita Lurah Semar, nyieun aksi paguletan anu pupuh, ngalawan dua Satriya, pakupis bari jeung nakis. Trusna ngahaja balangah, Lurah Semar anu keuna ka kelid, api-api terus rubuh, tatapi henteu lila, tuluy cengkat sarta nong­géng dut muruput, ka angseu dua Satria, bareng pisan sami gaib.   Rea-Boekoe, 2022 | 14,5 x 21 cm | 56 hal | Softcover | Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada