Tapi mungguh anu sabar, tur wekel rajin gumati, kana saniskara lampah, kanugrahan téh kapanggih, ganjaran Mahasuci, Pangéran nu maha agung, buktina Radén Surya, raos ngahenang-ngahening, nyakrawati ing Waringin datulaya.Caturkeun deui rakana, Perebu Anom Gianti, saprantosna Radén Putra, lungguh jumeneng Narpati, lajeng pamitan mulih, pangiringna henteu kantun, ka Gianti marulang, kocapkeun parantos sumping, Kangjeng Raja jeung sadaya pangiringna.
Di Gianti Datulaya, tetep jumeneng narpati, diaping ku mertuana, nya éta Radén Sodaris, anu beresih ati, suhud sumujud ka ratu, ginanjar ti Pangéran, anu sipat rahman-rahim, awal-ahir pinanggih jeung kabungahan.