Langsung ke konten utama

Wawacan Gagak Lumayung - Babad Godog - MO Suratman



Istijradna kang tekanan, Karaton téh salin rupi, jadi leu­weung jujumplukan, kitu deui pra Bopati, diteunggeul ku La­goni, sadayana jadi maung, buntut panjang tinggarebay ting galaur matak gimir, anu tutul anu loréng warna-warna.

Dupi nu jadi Rajana, Ratu Batulayang Aji, harita sadaya bu­dal, kebat ka Sancang darugi, sadaya teras cicing, nya éta di Sancang matuh, malah mah gentos jenengan, Ratu Patek Salin­warni, rayat Sancang kawit Ménak Pajajaran.
Éta ti wangkid harita, tug dumugi ka kiwari, janten maung kajadian, kajajadén tina jalmi, dugi ka seuweu-siwi, tuluy tu­mu­luy tumurun, Pajajaran ilang musna, tilem kasilih ku junti, anu kantun wawangina nu sumebar.

Rea-Boekoe, 2022 | 14,5 x 21 cm | 56 hal | Softcover | Beli di TokopediaShopee, dan Lazada

Postingan populer dari blog ini

Carita Abdurahman jeung Abdurahim - RH Muhamad Musa

1 Ieu carita gedé gawéna, lamun ku jalma hadé tampana, jeung dipetakeun kana dirina, supaya mangké hadé jadina. 2 Lamun geus kolot pinasti mukti, rajin jeung pinter hanteu sumakti, dina carita ieu geus bukti, anu daékan jeung nu sumakti. 3 Umar Sanusi jieun tuladan, murangkalihna teu barébédan, hanteu percaya ka guru édan, temen jeung wekel sarta cucudan. 4 Ahirna jadi sudagar mulya, mantaran ka raja nu mulya-mulya, lulus lampahna prabot sadia, salamet tina sagala baya. Rea-Boekoe, 2022 | 14,5 x 21 cm | 64 hal. | Softcover | Beli di  Tokopedia  dan  Shopee

Wawacan Surya Mana - SH Kartapradja

Tapi mungguh anu sabar, tur wekel rajin gumati, kana sanis­kara lampah, kanugrahan téh kapanggih, gan­jaran Mahasuci, Pangéran nu maha agung, buktina Radén Surya, raos ngahe­nang-ngahening, nyakrawati ing Wa­ringin datu­laya. Caturkeun deui rakana, Perebu Anom Gianti, sapran­tosna Radén Putra, lungguh jumeneng Narpati, lajeng pa­mitan mu­lih, pangiringna henteu kantun, ka Gianti maru­lang, kocap­keun parantos sumping, Kangjeng Raja jeung sadaya pangi­ringna. Di Gianti Datulaya, tetep jumeneng narpati, diaping ku mer­tu­ana, nya éta Radén Sodaris, anu beresih ati, suhud sumujud ka ratu, ginanjar ti Pangéran, anu sipat rahman-rahim, awal-ahir pinanggih jeung kabungahan. Rea-Boekoe, 2022 | 14,5 x 21 cm | 96 hal | Softcover | Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada