Langsung ke konten utama

Carita Abdurahman jeung Abdurahim - RH Muhamad Musa


1 Ieu carita gedé gawéna,

lamun ku jalma hadé tampana,
jeung dipetakeun kana dirina,
supaya mangké hadé jadina.

2 Lamun geus kolot pinasti mukti,
rajin jeung pinter hanteu sumakti,
dina carita ieu geus bukti,
anu daékan jeung nu sumakti.

3 Umar Sanusi jieun tuladan,
murangkalihna teu barébédan,
hanteu percaya ka guru édan,
temen jeung wekel sarta cucudan.

4 Ahirna jadi sudagar mulya,
mantaran ka raja nu mulya-mulya,
lulus lampahna prabot sadia,
salamet tina sagala baya.

Rea-Boekoe, 2022 | 14,5 x 21 cm | 64 hal. | Softcover | Beli di Tokopedia dan Shopee

Postingan populer dari blog ini

Wawacan Gagak Lumayung - Babad Godog - MO Suratman

Istijradna kang tekanan, Karaton téh salin rupi, jadi leu­weung jujumplukan, kitu deui pra Bopati, diteunggeul ku La­goni, sadayana jadi maung, buntut panjang tinggarebay ting galaur matak gimir, anu tutul anu loréng warna-warna. Dupi nu jadi Rajana, Ratu Batulayang Aji, harita sadaya bu­dal, kebat ka Sancang darugi, sadaya teras cicing, nya éta di Sancang matuh, malah mah gentos jenengan, Ratu Patek Salin­warni, rayat Sancang kawit Ménak Pajajaran. Éta ti wangkid harita, tug dumugi ka kiwari, janten maung kajadian, kajajadén tina jalmi, dugi ka seuweu-siwi, tuluy tu­mu­luy tumurun, Pajajaran ilang musna, tilem kasilih ku junti, anu kantun wawangina nu sumebar. R ea-Boekoe, 2022 | 14,5 x 21 cm | 56 hal | Softcover | Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada

Wawacan Surya Mana - SH Kartapradja

Tapi mungguh anu sabar, tur wekel rajin gumati, kana sanis­kara lampah, kanugrahan téh kapanggih, gan­jaran Mahasuci, Pangéran nu maha agung, buktina Radén Surya, raos ngahe­nang-ngahening, nyakrawati ing Wa­ringin datu­laya. Caturkeun deui rakana, Perebu Anom Gianti, sapran­tosna Radén Putra, lungguh jumeneng Narpati, lajeng pa­mitan mu­lih, pangiringna henteu kantun, ka Gianti maru­lang, kocap­keun parantos sumping, Kangjeng Raja jeung sadaya pangi­ringna. Di Gianti Datulaya, tetep jumeneng narpati, diaping ku mer­tu­ana, nya éta Radén Sodaris, anu beresih ati, suhud sumujud ka ratu, ginanjar ti Pangéran, anu sipat rahman-rahim, awal-ahir pinanggih jeung kabungahan. Rea-Boekoe, 2022 | 14,5 x 21 cm | 96 hal | Softcover | Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada